Kamis, 03 Desember 2015

Rasa Ti Salira




Rasa ti salira,
Mapaesan lalangit kalbu,
Dipulas bulao,
Ngaligarkeun asih na weningna ati,
Dirumat ku rema kaheman,
Ngagolontorkeun katresna nu ngagulidag.

Rasa ti salira,
Ningkeuran hate ku simpay kadeudeuh,
Dipiguraan ku kuwung kuwung kasono,
Diuntun ku salempay kamelang,
Dina pasini nu nganti wanci.

Rasa ti salira,
Nyumiratkeun gumiwangna cahya harepan,
Lir lampion pusaka ratuning rasa,
Dipulasara ku hibarna kanyaah,
Nyumanding na geleterna cinta nu rosa.

Rasa ti salira,
Nyaliara teu kawawa na mayakpakna bodasna asih,
Sumeleke na dasar hate,
Dipupusti ku rasa rumasa,
Ngabagjaan raga sukma mugurkeun kamangmang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar