Kamis, 03 Desember 2015

Parapatan Katresnan




Tah didinya ditempat eta
Urang duaan pateuteup soca
Tah harita lebah dinya
Dag dig dug hate masih karasa

Parapatan lebah pudunan
urang nepungkeun kaasih katresnan
Saksi rundayan katresnan waktos tepung munggaran
Tah didinya dipengkolan simpang lima
Salira nyepeng panangan ngedalkeun kaasih kacinta

Kedal jangji pasini yen saenyana baris tetep ngahiji
Moal incah balilahan sumawona nganyenyeri
Parapatan ukur jadi dongeng panineungan
Pengkolan mung ukur carita dina sawangan
Nyawang nyipta nu biheung deui bakal karandapan

Ditulis ku : Indah Za Girlish

Tidak ada komentar:

Posting Komentar