Kamis, 03 Desember 2015

Sumalindung






Najan liwung kakurung tungtung
Najan muyung kakurung layung
Jung sumalindung kanu agung

Duh, gusti wiati pangarti
Nu sajati mariksa ati
Nu rancage ngawasa simpe hate
Nu ngatur sesa umur
Nu suci ngaraksa wanci
Salawasna hirup jeung pati moal pahili

Najan gumulung di gulung untung
Najan nangtung manggung di gunung
Jung sumalindung ka nu agung

Duh, Gusti malati sanubari
Anging anjeun nu surti
Hariring kuring
Boh eunteup dina keukeup raheut
Boh eunteup dina keukeup geugeut
Salawasna teuteup Anjeung tuhu dina puhu kalbu

Tidak ada komentar:

Posting Komentar