Kamis, 03 Desember 2015

Sariak Layung






Panon poe wayah lingsir muru dahan peuting
Murung mubyar nungtun layung
Dipayungan halimun marengan hiliwir angin
Mernahkeun tiisna lebah tegalan rasa

Tonggeret kari reretna mere tanggara dina kararas
Nu boleas ngahihidan pucuk eurih, tingarulang
Nembrakeun congo kapeurih nu lawas kasuat
Tibelat nyaksrak nyasaak rasa dina tatu teu kaur
Lita mangsa urang ngamparkeun kanyaah

Lemah katresna mimiti beueus nembus jajantung
Ngagerihan sanubari nu teu kalis sedih kingkin
Asih nu salah wanci jumerit dina tungtung
Sariak layung

Tidak ada komentar:

Posting Komentar