Sabtu, 30 Januari 2016

I Love You



Demi tangkal pangharepan
Anu ngakar dina karempan
: lamun aya waktu keneh pikeun urang neuleumanana
Lautan nyaksi panon poe
Bakal surup na soca anjeun

Nu kiwari ceudeum langitna
Nunggu peuting gancang datang mamawa bulan,
Bari neuteup kalangkangna anu ngangkleung
Balayaran na sagara
Sugan jeung sugan
Ranggeuyan bentang maruguran
Na keukeupan cinta urang

Demi areuy-areuy katineung
Nu ngaranggeum rasa kadeudeuh
: lamun aya kasempetan keur nadahna
Mangka hujan moal reuntas turun ka dunya
Nyeboran lemah duriat
Nu hanaang balas lila kahalodoan
Ngibun hate nu rancucut kaanginkeun
Ku seah jaman jeung kanistaan

Demi hilir nu micangcam
Panggih ci nyusu na huluwotan
: kuring sadia nyumputkeun wanci
Nu tinggal hiji rusiah ati
Najan pati dirampas tungtung peso balati

Tidak ada komentar:

Posting Komentar