Kamis, 03 Desember 2015

Sajak Kuring





Dangiang peuting nu ngembat kasono
Mukahkeun ajen nu ngancik na diri
Kasarad ku motahna kageugeut
Kajiret ku teuteup salira

Peuting jeung hujan ngahucuhkeun
Temah wadi geus karumpak
Geusan nyorang ngangkleungna rasa
Nu nyamuni dina deudeuh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar