Minggu, 27 Juli 2014

Ucapan Selamat Iedul Fitri 1435 H Dalam Bahasa Sunda



Niti wanci nu mustari , ninggang mangsa nusampurna , dina Idul Fitri anu ieu.. hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati.. tina khilaf sinareng dosa.. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa
shiyamakum.


Laligarna tarate dina talaga hate.
nyambuangna seungit malati nu ligar
dina taman ati janten ciciren lubarna
kalepatan antawis urang. Wilujeng
boboran shiam 1435 H. Taqqobalallahu
minna wa minkum, Shiyamana wa
shiyamakum.



Wilujeng boboran siam 1434.
Minal aidin wal faizin.
Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.


Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa
jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.


Bilih kantos kasisit sebit kana ati,kapancah
kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur,
tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya
kalepatan.wilujeng boboran


Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan.
Taqolallahu minna waminkum.


Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa,raray teu tepang. hate sanubari meredih kedah silih bebaskeun, diri silih sucikeunn,mudah2an urang sadayana janten jalmi nu taqwa.amin


Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah
mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa.
Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah.
Taqoballhu minna waminkum,taqobalahuyakarim


Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok
dampal panangan ,
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan.
Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda
dihapunten samudaya kalepatan
Wilujeng Boboran Syiam 1434 H


Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya..
Wilujeng boboran shiam 1434 H.
Taqqobalallahu minna wa minkum,
Shiyamana wa shiyamakum


Wening galih nu dipamrih jembar manah nu
diseja mugi agung cukup lumur neda kana
samudaya kalepatan lahir tumakaning batin,
wilujeng boboran siam


Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate,
urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku
nyuuh,meungpeung wanci can mustari., Neda
dihapunten kana samudaya kalepatan,bilih
kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur,
katajong omong dina cariosan anu matak
ngarahetkeun kana manah, kumargi urang
mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan.
Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung
Boboran Shiam 1435 H


Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih
aya bobo sapanon carang sapakan neda
dihapunten samudaya kalepatan. wilujeng
boboran siam


Bersih galih nu diperedih, leah mana nu
diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten
nu kasuhun


Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak
agama islam, gema takbir nu agung
dipungkas kutali silaturahim neda pangampura kasadayana.
wilujeng boboran shiam 1435 H


Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda ,
mugia sing ngajadi disarengan ku iman
taqwa, nu antukna nunda kanyaah, nyimpen
kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma,
panuhun sihapunten sadaya . Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum


Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam
nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng Boboran Shiam 1435 H.


Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu
utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri
kanu suci hapunten samudaya kalepatan
lahir sinareng batin. wilujeng boboran siam.


Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah,tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura.
Wilujeng boboran siam 1434 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal‘aidin walfaizin.


Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah
mandar lubar akar-akar angkara na
satungkebing rasa. Ngala menta galura
pangampura tina sagala lalampahan tur
rumpaka nu ngagelar raheut manah.
Taqoballhu minna waminkum,taqobalahuyakarim.


Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih. barkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1435 H ku kabungahan tur kaikhlasan.


Ti Lahir dugi ka Bathin.. Pamundut nu
kapihatur , ligar manah ku kaikhlasan , tiasa ngalubarkeun, tina sanes kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur , lampah lali nincak salah , neda sihapuntenna.
Wilujeng boboran shiam 1435 H


Demikianlah puluhan ucapkan Iedul Firi kali ini,semoga bermanfaat.










Sumber : Dirangkum dari berbagai sumber

Tidak ada komentar:

Posting Komentar