Minggu, 20 Juli 2014

Puisi Kuring




Teu Yakin

Sakedahna mah rindu nu ku anjeun diramu,
Mampu ngajadikeun kuring ngalengkah tanpa ragu,
Muru ka pasisian harepan,
Nu ditunggu-tunggu...


Rindu

Salami rindu masih ngarajaan dina hate..
Teu yakin abdi bisa eureun nuliskeun
Sagalana soal anjeun,
Jeung soal kasono.


Sanes Lepat Abdi

Sanes lepat abdi mun ange payung,
Lepatna hujan turunna rintik.
Sanes lepat abdi upami nyanjung,
Lepatna salira naha bet cantik.



Enjing Ieu

Kamana dunia rek berpihak enjing ieu?
Teu aya iber nu katarima,
Iwal harewos anjeun,
Nu katampi dina sesa impenan wengi tadi..


Tumanya Ka Simpe

Di sajeroeun bimbang,
Kuring tatanya ka peuting,
Simpe,,,
Taya jawaban.
Bulan jempe,
Bentang ge ciga nu wegah ngumbar sinar.
Kamana atuh hate rek eunteup ???


Hampura

Hampura...
Uwink Rumasa,
Lain jalma hade rupa hade lampah,
Anu bisa merenahkeun kata jeung kalimah,
Nyasar rasa nalaah manah.

Hampura...
Lamun hiji omongan nganyerikeun,
Moal aya haseup lamun euweuh seuneu,
Sagalana oge,
Alatan aya cukang lantarana ...



Isuk-isuk

Isuk-isuk teh mangrupa salah sahiji berkah nu endah.
Teu masalah rek mendung atawa cerah.
Lantaran isuk-isuk teh awal
Pikeun ngamimitian hiji kahirupan.
Wilujeng enjing..


Sumber :  Oedzank Thea

Tidak ada komentar:

Posting Komentar